Minggu, 06 Januari 2013

KABEUNGHARAN SUNDA


mun enya nyunda
Basajan ciren kahirupan tatar pasundan, someah hade lampah nyebar kaheman
Lumaku harepan terus kawengku, Teu sisiku, satuhu  rawuh tawadhu
Hirup tong kadalon dalon, Komo mun poho kana tetekon
Panceg jejem ngarumat tata aturan, Sugan Sunda nyongcolang bari nyaangan
ngalengkah amit doreksa, naratas jalan kudu dijejeran
bisi hirup pinuh kacidran geuwat wekasan tong kalalanjonan sabab bakal
sakuduna Sabiuk sabilulungan ngigelan jaman dijejeran ku kajembaran
kajembaran keur pasundaan nu marahmay dina paroman
ulah lengit , sakuduna kaangseu seungit,
kiwari ciri sunda kudu ngabukti dina diri sakumna nu rek babakti,
sayakti mupusti sangkan nyunda ngajati diri
pasundan geus wayah medar dangiang, harepan kabagjan mugia manjang
nonoman geuwat matandang, sunda nyaan terus nyongcolang.


                     Imeutaneun                         Sep 2010
Jalma gumelar mawa watek jeung tabeat sewang sewangan
Hade goreng hate hese dikobet,
Cangkang beureum eusi can mungguh luyu
Kawas Rupa gunung, tebih geulis disaba hieum tur geledegan
sempalan keur papada jalma
gingsir diri pakeman laku satuhu
satuhu ka nu estu, sahiji dzat Alloh nu tangtu
mangut ka makhluk, angay angay reugreug moal tinemu.
Sanaktu laku nimu karep kaliru
Panyana karepna rikip, kaguar, amit ..... geuning pinuh sisiku
Ramohpoy teu nyana awak di basilat ku tutur balilu
Sakedapan rasa taya percaya, tapi natrat saujratna meunang carita
kudu kumaha ? kudu dikumahakeun ?
Nyambung ahhhhh .....................................................................................


cawokah
Ka guntur rek meuli nener
Di kadungora meunang belut
Kabatur  kudu sing bener
diri nyalira beut pabaliut


Botol kecap warna koneng
dikumbahan ku sarangan
Memeh ngucap batur teh goreng
hadean lampah sorangan

heueuh heueuh reueus beunteur,
ngajumpalik pasuliwer keuna simbeuh
euweuh euweuh keur reueus nanjeur,
Lali atik ,siga cageur nu nyata taya kaseubeuh




Ganti poe robah waktu, miara kalbu kudu saestu,
sing satuhu ka Alloh nu jadi panangtu
Insya Alloh lumaku pinuh ku restu,
Nuju hirup Weruh luhung anu tangtu



BUKU TULIS KAKECLAKAN
KU CAI NU PISAN HERANG
NU LIAN KUDU BLAK BLAKAN
SORANGAN NYUMPUTKEUN BEURANG

DIBAYONGBONG WAKTU BEURANG
TEU APAL BEUT MENI REHE
BONG ABONG KU JARANG TEPANG
TEU APAL  GEUS JADI JAHE
(janda herang pa akum).

MEULAH NANGKA MAKE PARANG
DISIKSIKAN SING ARIPIS
TEU NYANGKA AYA NU HERANG
KAREK SIDIK GEUNING GEULIS.


Panggeuing
Walurat lengkah kudu bisa dibebenah
Hade lampah kagurat uga pinasti moal doreksa
Adiguna kiwari geus lain wayah
jalma kumelendang lir waditra nyada ku nayaga
moal lana moal lila kapatok wates tinemu cacap
hiji pepeling diri geuwat eling …………..
Kahade tonggoy terus kadalon
Lampah udar kaluar tina tetekon
Geuwat wengku, pageuhan ku ka Imanan
Bae basajan asal teu salah naratas jalan
Geuy sageuy ....mun hirup ngaberung nafsu
Ngalabrak jalan komo aturan
Moal lana nincak sugema
Marieus, pateuh, .....
pamustungan tamiang meulit NA bitis
Lengkah nyupata duh geuning heurin
Omean lampah, pupus hasud, piara Ikhlas......!!
Tawakal bari ngadu’a, Sabiuk jeung pada jalma
kasinugrahaan pinasti datang
Insya Alloh ....
bagja, waluya kumelendang di alam dunya




BANJARWANGI

mitembeyan miang ti lemah cai,
Banjarwangi tujuan pasti
harepan kabagjan sugan kasungsi,
marengan diri nu mawa tatali
ngampar tegalan tur jalan nu tarahal,
..........diembohan ku Tanjakan
aya rumahuh rasa rumegag boa cape,
tapi cape cacap kaubaran,
kaubaran ku ngemplokna tatanian
 ....................Geten titen,
ungkara kecap kedal kaguar
Masieup lengkah nu tumaninah,
Ngalagena jadi pidangan genah merenah
Perceka ucap parigel laku
kadeudeuh keur Banjarwangi
Pasantrian ciri tumuwuh hirup sumujud
Pasundaan pangbetah lengkah pinuh someah
Nastiti Banjarwangi  sahiji na jati diri
Hejo ngemplok pangwanoh nu hamo poho
Jungkiring pasir runggunuk gunung
ngagupay rasa rumat kanyaah
Prak riksa parigel bari rapekan
Rikrik gemi sing taliti
di Banjarwangi mirilik pasti rizki ti gusti






nyukcruk garut pangirutan


ti Limbangan wiwitan guar carita
Tebeh kaler kadungora prak piara
Ngarendeng aya leles titenan sing enya beres
Ngetan salengkah banyuresmi pek pupusti
Cibiuk ciren hirup sabiuk sabilulungan
Selaawi ngabukti seuweu siwi sing ngahiji
Sukawening ngais asih ku hate anu beresih
Natrat wanaraja mere wawanen ulah doreksa
Sucinaraja naratas lengkah bisa bebenah
Cilawu satuhu ka nu estu, sahiji dzat Alloh nu tangtu
Museur ka dayeuh Garut urang kudu imut pinuh ka deudeuh
Tarogong pangwanoh tong rea bohong
Samarang ngajak awak nebihan caram pangeran
Di Sukaresmi metik atik Ngaji diri
Bayongbong ngenyed karep tong iyeuh sombong
Cisurupan ngagerentes lumaku luyu aturan
Cikajang ngagero, nonoman geuwat matandang
Banjarwangi mere seungit jatidiri
Peundeuy ulah rek pateuh, Singajaya bebas merdeka
Cihurip pangajen hirup jejem pinasti hurip
Cisompet ngagupay rasa rumat kanyaah
Cikelet parigel bari rapekan
                                      Pameungpeuk paheuyeuk heuyeuk                   
Cisewu tumuwuh hirup sumujud
Bungbulang aya kaheman pinuh tinimbangan
Di Pamulihan wekasan carita ulah poho ka sarakan !!
Prak riksa parigel bari rapekan, Rikrik gemi sing taliti
Di garut mirilik pasti rizki ti gusti
  
WANCI SAPOE SAPEUTING

DUMASAR KANA KAJADIAN ALAM

Sateuacan mibanda arloji atawa jam atawa naon bae disebatna, urang sunda ngagunakeun ciri wanci pikeun nangtoskeun waktos dina sadinten sawengi anu ilaharna dumasar kana kajantenan nu karandapan ku dir sareng ku alam sakurilingna.  (nawiskeun urang sunda dalit jeung alam) diantawisna :





1.       Wanci tumorek                         : kinten tabuh 00.30 (wanci keur meujeuhna tibra sare)
2.       Wanci janari sapi                     : kinten tabuh 01.00
3.       Wanci janari leutik                  : kinten tabuh 01.30 (liwat tengah peuting)
4.       Wanci tumorek                         : kinten tabuh 00.30 (wanci keur meujeuhna tibra sare)
5.       Wanci janari sapi                     : kinten tabuh 02.00
6.       Wanci disada rorongkeng    : kinten tabuh 02.30
7.       Wanci haliwawar                     : kinten tabuh 03.00 - 03.30 (kongkorongok hayam 2 kali)
8.       Wanci janari                               : kinten tabuh 04.00
9.       Wanci balebat                           : kinten tabuh 05.00 (Udat-udat beulah wetan waktu rek pajar)
10.   Wanci carangcang tihang      : kinten tabuh 05.30 (kira –kira liwat fajar keur remeng-remeng)
11.   Wanci murag ciibun/meletek srangenge   : kinten tabuh 07.00 (mimiti tembong panonpoe, ciibun ngagarenclang mimiti murag tina dangdaunan)
12.   Wanci haneut moyan             : kinten tabuh 08.00 (keur sedeng ngareunah dipake moyan)
13.   Wanci rumangsang                 : kinten tabuh 09.00 (panopoe mimiti karasa panas)
14.   Wanci pecat sawed                 : kinten tabuh 10.00 (munding nu dipake magawe dilaan sawedna tina munding nu nu narik wuluku)
15.   Wanci manceran                      : kinten tabuh 12.00 (panon poe aya dina luhureun embun-embunan; panon poe keur meujeuhna mancer)
16.   Wanci lingsir ngulon              : kinten tabuh 14.00 (panon poe ngeser ka kulon)
17.   Wanci panon poe satangtung    : kinten tabuh 15.00  (mangsa kalangkang satangtung)
18.   Wanci tunggang gunung       : kinten tabuh 16.00-17.00 (waktu panon poe rek surupaya dina luhureun gunung)
19.   Wanci sariak layung                : kinten tabuh 17.00-18.00 (waktu layung di langit katenjo beureum)
20.   Wanci erang-erang                 : kinten tabuh 17.30-18.00 (waktu panon poe surup)
21.   Wanci sareupna/harieum beungeut : kinten tabuh 18.00-18.30 (waktu geus mimiti poek)
22.   Wanci sareureuh gaang        : kinten tabuh 19.00 (waktu gaang eureun disada)
23.   Wanci sareureuh budak        : kinten tabuh 21.00 (waktu budak leutik geus mimiti sarare)
24.   Wanci sareureuh kolot          : kinten tabuh 22.00 (waktu kolot mangsana reureuh)
25.   Wanci tengah peuting           : kinten tabuh 24.00





WASTUWIDYA

Maos kecap wastuwidya kanggo nonoman sunda kiwari kaseuseueuranana tinangtos helok (kalebet simkuring ku anjeun ngaraos teu loma naon atuh wastuwidya teh?)
Wastuwidya nyaeta elmu pangaweruh ngeunaan rupa-rupa wangunan/ suhunan imahkalebet ragam hias nu digunakeun ku karuhun urang jaman katukang.
Numutkeun naskah Sanghyang Siksakandang Karesian, wastuwidya jeung ragam hias nu aya patula patalina jeung wangunan/suhunan imah diantawisna :
1.      Anjung Meru : potongan wangunan imah anu bentukna nyungcung siga gunung/ aseupan, beuki luhur beuki leutik.
2.      Badak heuay : potongan wangunan imah nu henteu make wuwung, pasambungna hateup tukang jeung hareup jiga badak keur heuay
3.      Badawang sarat : salah sahiji wangunan imah anu make hiasan lauk (gede)
4.      Balandongan : adegan saheulaanan pikeunnarima tamu atawa tempat mintonkeun kamonesan dina kariaan.
5.      Bapang : Potongan imah panjang nu teu make jure, disebut oge potongan halteu.
6.      Buka palayu : adegan imah nu nyinghareup ka panjangna
7.      Buka pongpok : adegan imah nu nyinghareup ka pondokna.
8.      Capit gunting : potongan wangunan imah nu tungtung suhunanana make awi atawa kai dicagakeun.
9.      Julang ngapak : potongan wangunan imah nu dibagian hareup jeung tukangna make sorodoy siga julang nu keur meberkeun jangjangna
10.  Ganggang hopatih : ngaran potongan wangunan imah nu make celah karancang.
11.  Pangencayan : - ngaran adegan imah paranti nutu
12.  Limas kumereb : potongan wangunan imah nu hateupna jiga wangun piramid
13.  Parahu kumereb : potongan wangunan imah nu hateupna jiga wangun parahu nagkub
14.  Suhunan jolopong : potongan wangunan imah nu suhunanana  ngajolopong manjang
15.  Suhunan papak : wangun imah anu suhunanana rata.
16.  Tagog anjing : saung anu tihangna ngan dua dihareup wungkul,  ampir sarua jeung potongan badak heuay, ngan tungtung usukna patepung jeung bagian gigir usuk nu hareupna, jadi wangunanana kajerosiga anjing nu keur nagog/ cingogo.